Minggu, 24 November 2013

RUPA RUPA ADAT ISTIADAT SUNDA
®  Adat Istiadat Mangsa Kakandungan
1.          Opat Bulan
Masarakat Jawa Barat baheula nganggap awewe anu keur kakandungan dua atawa tilu bulan saukur nyiram. Saenggeus liwat ti tilu bulan karek bisa di sebut hamil. Opat Bulanan teh ngabogaan tujuan mere beja ka tatangga jeung baraya yen awewe eta teh bener bener keur hamil.
Masarakat percaya yen dina opat bulan waktu na roh di tiupkeun kana janin di jero kandungan. Opat bulanan biasana sok ku pangajian, pangajian eta teh tujuan na ker ngadoaken kasampurnaan fisik, kasehatan sareng kasalametan orok.

2.          Tingkeban (Upacara Tujuh Bulan)
Tingkeban di laksanakeun waktu ker kakandungan dina tujuh bulan. Tingkeban dilakuken aya tujuan na nyaeta supaya orok jeung indungna salamet keur mayunan poe ngajuru.
Dingaranan Tingkeban, sabab tingkep hartina tutup. Tutup ngabogaan harti bahwa awewe hamil nu geus tujuh bulan teu meunang ngalakuken hubungan suami istri. Salain ti eta awewe hamil ge teu meunang barang gawe anu beurat-beurat sabab kakandungan na geus ngagedean.
Tingkeban biasana ngayakeun pangajian nu macakeun ayat suci Al-Quran, missal na surat Yusuf, Maryam jeung surat Lukman. Salain eta, aya sababaraha urang deui nu sok ngalaksanekeun tradisi ngabersihan awewe hamil ku cai kembang tujuh rupa, di mandikeun ku baraya sacara piligenti.
Pas di guyurken anu ka tujuh, belut di asupken nepi ka beuteng eta awewe hamil, anu tujuan na supaya pas ngalahirkeun orok na leur kos belut.

3.          Salapan Bulan
Adat ini di lakukeun pas umur kandungan geus salapan bulan. Adat ieu biasana sok aya pangajian anu tujuanna supaya orokna bisa buru buru lahir ka dunya bari salamet.

4.          Reneuh Munding
Upacara ieu bakal di lakonan mun umun kandungan geus salapan bulan tapi can ngajuru keneh.

®  Adat Istiadat Babaran jeung Mangsa Bayi
1.          Miara Tembini
Adat ieu di lakukeun keu ngahormatan tali ari-ari. Upacara ieu dilakukan sabab di anggap bagean ti kuluarga orok, tah pas miceun tali ari ari ge ulah sambarangan miceun, biasana sok di kubur atawa di tendeun dina para hawu.
2.          Nenjrag Bumi
Upacara ieu dilakuken ku cara nembrak ku palu, tujuan na supaya orok henteu rewasan mun ngadenge sora.

3.          Puput Puser
Adat ieu di lakonan mun tali ari ari na geus lepas, kudu di salamet keun.

4.          Ekah
Adat ieu dilakuken sakumaha anu di ajarkeun ku agama islam, tujuan na keu ngabales anuggrah ti ALLAh nyaeta budak. Biasana dilaksanakeun mun umur orok na 7 poe, 14 poe, atawa bisa oge 21 poe. Umunna kolot budak mencit domba 2 lamun budak na lalaki, 1 mun budak na awewe.

5.          Nurunkeun
Adat ieu dilakukeun pas orok mimiti nicak buruan imah, tujuan na supaya orok gampang nyesuaikeun diri na jeung mere nyaho ka tatangga jeung baraya yen orok geus bisa di ajak ka luar imah.

®  Upacara Adat Kapapaitan
Aya sababaraha ritual Jawa Barat keur jelema anu geus tilar dunya. Adat na nyaeta ngamandikeun mayit, ngakafanan mayit, nyolatkeun, nguburkeun, nyusur tanah, tahlil.
Tahlil biasana sok dilakuken poe ka hiji di sebut poenan atawa nyusur tanah, poe katilu di sebut tilu na, poe ka tujuh di sebut tujuhna, poe ka opat puluh di sebut matang piluh, poe ka saratus di sebut natus, sataun di sebut mendak taun jeung poe ka sarebu di sebut newu.

®  Upacara Adat Tani
1. Seren Taun
Adat ieu di lakukeun pas ngakut pare ti sawah ka leuit ku make alat husus  anu di sebut rengkong make iringan music tradisionalyang di tabeh.

2. Kawin Tiwu
Kawin tiwu nyaeta sa batang tiwi di kawin keun jeung tiwu sejen na, tujuanna nyaeta ungkapkeun rasa sukur ka Gusti kana naon anu geus di panen keun jeung permohonan supaya hasil tataneh kaharep na lewih alus.

3. Ampih Pare
Adat ieu di lakukeun pas nendeun pare ti sawah ka leuit.

4. Ngarot
Ngarot nyaeta upacara nu dilakukeun pas waktu ngamimitian melak.

5. Sedekah Bumi
sedekah bumi teh nyaeta bentuk rasa sukur ka Gusti anu tos masihan hasil bumi nu melimpah.

6. Pesta Laut
nyaeta bentuk rasa sukur ka Gusti anu tos masihan hasil laut jeung doa supaya nelayan dib ere kasalametan jeung kasehatan.
®    Adat Samemeh Akad Nikah
1. Nendeun Omong
nyaeta datang na pihak lalaki ka imah pihak awewe keur silaturahmi jeung pendekatan

2. Ngalamar
nyaeta datang na pihak lalaki ka imah pihak awewe keur ngalamar wanoja. Biasana sok bari ngabahas poe nu alus ker ngawinkeun.

3. Seserahan
Nyaeta pihak lalaki nyerahkeun ka calon minantu unduk ngawin wanoja. Pas adat ieu biasana pihak lalaki sok mawa duit, persiasan, kosmetik, kue, bolu jeung sajabana sasui jeung amampuan pihak lalaki. 

®    Adat Pas Acara Kawinan
1.Sawer
Sawer dilakukeun ku cara ngawurkeun dui receh, duit kertas, kembang, beas koneng, jeung dua buah tektek jeung permen terus di awurken ka pangan ten terus di pulung ku tamu undangan.

2.Nincak Endog
Nincak endog biasana sok dilaksanakeun saenggeus di sawer.

3.Buka Pintu
Buka pintu biasana sok dilaksanakeun saenggeus  Nincak endog

4.Huap Lingkung
nyaeta upacara anu dimaksudken ker panganten supaya bisa mere rido, iklas, tanpa batas.

®    Adat Saenggeus Ngawinkeun
Munjungan
Munjungan nyaeta pihak awewe ngadatangan kuluwarga pihak lalaki bari sok mawa kakaren sesa hajat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar