® Adat Istiadat Mangsa Kakandungan
1.
Opat Bulan
Masarakat Jawa Barat baheula
nganggap awewe anu keur kakandungan dua atawa tilu bulan saukur nyiram.
Saenggeus liwat ti tilu bulan karek bisa di sebut hamil. Opat Bulanan teh
ngabogaan tujuan mere beja ka tatangga jeung baraya yen awewe eta teh bener – bener keur
hamil.
Masarakat percaya yen dina opat
bulan waktu na roh di tiupkeun kana janin di jero kandungan. Opat bulanan
biasana sok ku pangajian, pangajian eta teh tujuan na ker ngadoaken
kasampurnaan fisik, kasehatan sareng kasalametan orok.
2.
Tingkeban (Upacara Tujuh Bulan)
Tingkeban di laksanakeun waktu ker
kakandungan dina tujuh bulan. Tingkeban dilakuken aya tujuan na nyaeta supaya
orok jeung indungna salamet keur mayunan poe ngajuru.
Dingaranan Tingkeban, sabab “tingkep” hartina
tutup. Tutup ngabogaan harti bahwa awewe hamil nu geus tujuh bulan teu meunang
ngalakuken hubungan suami istri. Salain ti eta awewe hamil ge teu meunang
barang gawe anu beurat-beurat sabab kakandungan na geus ngagedean.
Tingkeban biasana ngayakeun pangajian
nu macakeun ayat suci Al-Quran, missal na surat Yusuf, Maryam jeung surat
Lukman. Salain eta, aya sababaraha urang deui nu sok ngalaksanekeun tradisi
ngabersihan awewe hamil ku cai kembang tujuh rupa, di mandikeun ku baraya sacara
piligenti.
Pas di guyurken anu ka tujuh, belut
di asupken nepi ka beuteng eta awewe hamil, anu tujuan na supaya pas
ngalahirkeun orok na leur kos belut.
3.
Salapan Bulan
Adat ini di lakukeun pas umur
kandungan geus salapan bulan. Adat ieu biasana sok aya pangajian anu tujuanna
supaya orokna bisa buru buru lahir ka dunya bari salamet.
4.
Reneuh Munding
Upacara ieu bakal di lakonan mun
umun kandungan geus salapan bulan tapi can ngajuru keneh.
® Adat Istiadat Babaran jeung Mangsa Bayi
1.
Miara Tembini
Adat ieu di lakukeun keu
ngahormatan tali ari-ari. Upacara ieu dilakukan sabab di anggap bagean ti
kuluarga orok, tah pas miceun tali ari ari ge ulah sambarangan miceun, biasana
sok di kubur atawa di tendeun dina para hawu.
2.
Nenjrag Bumi
Upacara ieu dilakuken ku cara
nembrak ku palu, tujuan na supaya orok henteu rewasan mun ngadenge sora.
3.
Puput Puser
Adat ieu di lakonan mun tali ari
ari na geus lepas, kudu di salamet keun.
4.
Ekah
Adat ieu dilakuken sakumaha anu di
ajarkeun ku agama islam, tujuan na keu ngabales anuggrah ti ALLAh nyaeta budak.
Biasana dilaksanakeun mun umur orok na 7 poe, 14 poe, atawa bisa oge 21 poe.
Umunna kolot budak mencit domba 2 lamun budak na lalaki, 1 mun budak na awewe.
5.
Nurunkeun
Adat ieu dilakukeun pas orok mimiti
nicak buruan imah, tujuan na supaya orok gampang nyesuaikeun diri na jeung mere
nyaho ka tatangga jeung baraya yen orok geus bisa di ajak ka luar imah.
® Upacara Adat Kapapaitan
Aya sababaraha ritual Jawa Barat
keur jelema anu geus tilar dunya. Adat na nyaeta ngamandikeun mayit, ngakafanan
mayit, nyolatkeun, nguburkeun, nyusur tanah, tahlil.
Tahlil biasana sok dilakuken poe ka
hiji di sebut poenan atawa nyusur tanah, poe katilu di sebut tilu na, poe ka
tujuh di sebut tujuhna, poe ka opat puluh di sebut matang piluh, poe ka saratus
di sebut natus, sataun di sebut mendak taun jeung poe ka sarebu di sebut newu.
® Upacara Adat Tani
1. Seren Taun
Adat ieu di lakukeun pas ngakut
pare ti sawah ka leuit ku make alat husus
anu di sebut rengkong make iringan music tradisionalyang di tabeh.
2. Kawin Tiwu
Kawin tiwu nyaeta sa batang tiwi di
kawin keun jeung tiwu sejen na, tujuanna nyaeta ungkapkeun rasa sukur ka Gusti
kana naon anu geus di panen keun jeung permohonan supaya hasil tataneh kaharep
na lewih alus.
3. Ampih Pare
Adat ieu di lakukeun pas nendeun pare
ti sawah ka leuit.
4. Ngarot
Ngarot nyaeta upacara nu dilakukeun
pas waktu ngamimitian melak.
5. Sedekah
Bumi
sedekah bumi teh nyaeta bentuk rasa
sukur ka Gusti anu tos masihan hasil bumi nu melimpah.
6. Pesta Laut
nyaeta bentuk rasa sukur ka Gusti
anu tos masihan hasil laut jeung doa supaya nelayan dib ere kasalametan jeung
kasehatan.
® Adat Samemeh Akad Nikah
1. Nendeun
Omong
nyaeta datang na pihak lalaki ka
imah pihak awewe keur silaturahmi jeung pendekatan
2. Ngalamar
nyaeta datang na pihak lalaki ka
imah pihak awewe keur ngalamar wanoja. Biasana sok bari ngabahas poe nu alus
ker ngawinkeun.
3. Seserahan
Nyaeta pihak lalaki nyerahkeun ka
calon minantu unduk ngawin wanoja. Pas adat ieu biasana pihak lalaki sok mawa duit,
persiasan, kosmetik, kue, bolu jeung sajabana sasui jeung amampuan pihak
lalaki.
® Adat Pas Acara Kawinan
1.Sawer
Sawer
dilakukeun ku cara ngawurkeun dui receh, duit kertas, kembang, beas koneng,
jeung dua buah tektek jeung permen terus di awurken ka pangan ten terus di
pulung ku tamu undangan.
2.Nincak
Endog
Nincak
endog biasana sok dilaksanakeun saenggeus di sawer.
3.Buka Pintu
Buka pintu biasana
sok dilaksanakeun saenggeus Nincak endog
4.Huap
Lingkung
nyaeta
upacara anu dimaksudken ker panganten supaya bisa mere rido, iklas, tanpa batas.
® Adat Saenggeus Ngawinkeun
Munjungan
Munjungan nyaeta pihak awewe ngadatangan
kuluwarga pihak lalaki bari sok mawa kakaren sesa hajat.